Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda

Pidato Perpisahan Bahasa Sunda – Dalam berbagai kesempatan saya telah membuat contoh pidato dengan tema perpisahan. Nah, kali ini saya akan membuat pidato perpisahan dalam bahasa sunda. Semoga dengan adanya postingan ini, dapat mempermudah kalian yang sedang membutuhkannya.

Konsep yang saya ambil dari tema kali ini adalah “Pidato Paturay Tineung Ti Murid Ka Guru” atau jika dalam bahasa indonesia artinya “Pidato Perpisahan dari Murid ke Guru” untuk memahami makna dari setiap kalimat dalam pidato ini nantinya saya akan membuat terjemahan dalam bahasa indonesia. Jadi buat kalian ga usah khawatir tidak memahami isi dan makna dari contoh pidato perpisahan bahasa sunda ini.

Baiklah langsung saja ini dia:

Pidato Paturay Tineung Ti Murid ka Guru

Bapa Kepala Sekolah sarta bapa-ibu guru pendidik, pembimbing anu ku simkuring dihormat.

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh..


اَلْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ اْلعَاَلَمِيْنَ . وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَي أُمُوْرِا لدُّ نْيَا وَا لدِّ يْنٍ . وَعَلَيْ آ لِهٍ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ

“ALHAMDU LILLAHI RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU’ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN”

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa pateupung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung…..

Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna.

Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah sarta bapa-ibu sadayana. Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina mendidik, ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawakalan, sahingga simkuring sadaya sadaya hasil ngarengseken diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun.

Sajabi ti eta simkuring oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuring diajar di sakola ieu, sahingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.

Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos abot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari.

Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudah-mudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganNa. Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seuuerna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya.

Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageng-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya prilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

Akhirna, kalawan parasaan abot pikeun ngahaturkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeun sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita simkuring sadaya.

Akhirul Kalam, Wassalamu’alaikum Wr. Wb